LEUIT


Sisindiran

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngadung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan din a unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan. Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd. Conto sisindiran:
Aya roda na tanjakan,
katinggang ku pangpung jéngkol.
Aya ronda gogoakan,
katinggang ku hulu kohkol.

aya listrik dimasigit,
caangna kamana-mana.
aya istri jangkung alit,
cangkengna kamana-mana

 Sisindiran kabagi jadi tilu bagian nya eta:

1. Paparikan
Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang. 
Conto paparikan:
Boboko ragrag di imah,
Ninggang kana pileuiteun
Mun bogoh montong ka sémah
Ari anggang sok leungiteun.

Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kahiji dina eusi. Padalisan kadua dina cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalian kadua dina eusi.
Upama nilik kana eusina, paparikan bisa dipasing-pasing jadi: paparikan silihasih, paparikan piwuruk, jeung paparikan sésébréd.
a)     Paparikan silih asih nyaéta paparikan nu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi. Contona:
Meuncit meri dina rakit,
boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
kabogoh direbut batur.
b)     Paparikan piwuruk nyaéta paparikan nu eusina piwuruk atawa naséhat. Contona:
Ka kulah nyiar kapiting,
ngocok endog bobodasna.
Ulah sok liar ti peuting,
osok loba gogodana.
c)     Paparikan sésébréd nyaéta paparikan anu eusina banyol, lulucon, jeung cawad (kritik). Contona:
Daun hiris dibeungkeutan,
dibawa ka juru leuit.
Anu geulis ngadeukeutan,
hayangeun dibéré duit.

Sapanjang jalan Cirebon,
jalan butut diaspalan.
Sapanjang dijajah Nipon,
baju butut tatambalan 

2. Rarakitan
Rarakitan téh nya éta salasahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku opat padalisan: dua cangkang jeung dua eusi.  Contona:
Mihapé sisir jeung minyak,
kadé kaancloman leungeun.
Mihapé pikir jeung niat,
kadé kaangsonan deungeun.
Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana tilu golongan, nyaéta rarakitan silihasih, rarakitan piwuruk jeung rarakitan sésébréd.
1)     Rarakitan silihasih, nyaéta anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi; contona:
Sapanjang jalan Soréang,
moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang,
moal weléh diakalan.

2)     Rarakitan piwuruk, nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat; contona:
Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan élmu,
nu guna dunya ahérat.
3)     Rarakitan sésébréd, nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik); contona:
Rarasaan ngala mayang,
teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan konéng umyang,
teu nyaho cakeutreuk hideung

3.      Wawangsalan
Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan téh ngeunaan silihasih, cinta atawa birahi.
Contona:
Belut sisit saba darat,
Kapiraray siang wengi.  (Wangsalna: oray)
Jukut jangkung pipir gunung,
                   Hate abdi panas peurih.  (Wangsalna: eurih)




Pupujian



Pupujian nya éta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Pupujian asalna tina sa'ir, nyaéta puisi anu asalna tina sastra Arab. Ku lantaran kitu, pupujian mah wangunna téh méh taya bédana jeung sa'ir, diwangun ku opat padalisan dina sapadana, sarta unggal padalisanna diwangun ku dalapan engang. Tapi sanajan kitu, aya ogé anu diwangun ku dua padalisan, genep padalisan, dalapan padalisan dina sapadana. Purwakanti anu aya dina pupujian umumna purwakanti laras wekas.
Sacara gurat badagna mah, fungsi pupujian téh aya anu mibanda fungsi éksprési jeung aya nu mibanda fungsi sosial. Tapi dina kamekaranana, fungsi sosialna leuwih gedé ti batan fungsi éksprésina. Cara macana, pupujian téh sok dikawihkeun atawa dinadomkeun. Umumna dibacana téh di masjid saméméh salat jamaah, di madrasah, pasantrén, jeung dina acara-acara anu aya patalina jeung kaislaman.
Dumasar kana eusina, pupujian téh bisa digolongkeun kana sababaraha golongan, nyaéta: (1) muji ka Gusti Alloh, (2) solawat ka Kanjeng Nabi, (3) do'a jeung tobat ka Pangéran, (4) pépéling, jeung (5) ajaran agama.

Conto pupujian pépéling

Éling-éling dulur kabeh
ibadah ulah campoléh
beurang peuting ulah weléh
bisina kaburu paéh
Sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
najan raja nyakrawati
teu bisa nyingkirkeun pati

Guguritan (pupuh)

Naon ari guguritan (pupuh) teh? Pupuh téh mangrupa ugeran (puisi) nu kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nya éta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan (aturan jumlah baris dalam setiap bait serta jumlah suku kata/vokal dalam setiap barisnya). Guru lagu nya éta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung (aturan suara vokal pada setiap akhir barisnya).
Pupuh Sunda kabéhna aya tujuh belas. Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nya éta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (mindeng disingget jadi KSAD), sarta sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nya éta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong. Unggal Pupuh miboga ugeran guru wilangan jeung guru lagu sarta watek séwang-séwangan sakumaha anu dijéntrékeun di handap ieu.
A.  Pupuh  sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa)
1.    Kinanti
Pupuh Kinanti dina sapadana diwangun ku genep padalisan. Watekna miharep atawa prihatin. Anapon guru lagu jeung guru wilangana nyaéta: 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i.
Contona:
Budak leutik bisa ngapung [8-u]
babaku ngapungna peuting [8-i]
nguriling kakalayangan [8-a]
néangan nu amis-amis [8-i]
sarupaning bungbuahan [8-a]
naon baé nu kapanggih [8-i]

2.    Sinom
Pupuh Sinom dina sapadana diwangun ku salapan padalisan. Watekna gumbira. Guru lagu jeung guru wilangana: 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i,      12-a.  Contona:
Warna-warna lauk émpang [8-a]
aya nu sami jeung pingping [8-i]
pagulung patumpang-tumpang [8-a]
Ratna Rengganis ningali [8-i]
warnaning lauk cai [7-i]
lalawak pating suruwuk [8-u]
sepat patingk(ar)océpat [(8)7-a]
julung-julung ngajalingjing [8-i]
sisi balong balingbing sisi balungbang [12-a]

3.    Asmarandana
Pupuh Asmarandana dina sapadana diwangun ku tujuh padalisan. Watekna silih asih, silih pikanyaah, naséhat atawa mépélingan. Guru lagu jeung guru wilangana: 8-i, 8-a, 8-é, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a.
Contona:
Éling-éling mangka éling [8-i]
rumingkang di bumi alam [8-a]
darma wawayangan baé [8-é]
raga taya pangawasa [8-a]
lamun kasasar lampah [7-a]
nafsu nu matak kaduhung [8-u]
badan anu katempuhan [8-a]

4.    Dangdanggula
Pupuh Dangdanggula dina sapadana diwangun ku sapuluh padalisan. Watekna kabungahan atawa kaagungan. Guru lagu jeung guru wilangana: 10-i, 10-a, 8-e/o, 7-u, 9-i, 7a-, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a.
Contona:
Méga beureum surupna geus burit [10-i]
ngalanglayung panas pipikiran [10-a]
cikur jangkung jahé konéng [8-é]
naha teu palay tepung [7-u]
simabdi mah ngabeunying leutik [9-i]

ari ras cimataan [7-a]
gedong tengah laut [6-u]
ulah kapalang nya béla [8-a]
paripaos gunting pameulahan gambir [12-i]
kacipta salamina [7-a]

B.   Pupuh  sekar alit (wanda laguna ngan sarupa)
1.         Balakbak
Pupuh Balakbak dina sapadana diwangun ku tilu padalisan. Watekna pikaseurieun atawa lulucon. Guru lagu jeung guru wilangana: 15-é, 15-é,           19-é.
Aya warung sisi jalan ramé pisan, Citaméng [15-é]
Awéwéna luas-luis geulis pisan, ngagoréng [15-é]
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyét, nyanggéréng [19-é]


2.         Durma
Pupuh Durma dina sapadana diwangun ku tujuh padalisan. Watekna ngambek, pasea, gelut, atawa perang. Guru lagu jeung guru wilangana: 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 7-i, 5-a, 7-i.
Moal ngejat sanajan ukur satapak [12-a]
geus dipasti ku jangji [7-i]
mun tacan laksana [6-a]
numpes musuh sarakah [7-a]
henteu niat seja balik [8-i]
najan palastra [5-a]
mati di médan jurit [7-i]

3.         Gambuh
Pupuh Gambuh dina sapadana diwangun ku lima padalisan. Watekna bingung, samar polah, tambuh laku. Guru lagu jeung guru wilangana nya éta 7-u, 10-u/i, 12-i, 8-u, 8-o.
Ngahuleng banget bingung [7-u]
henteu terang ka mana nya indit [10-i]
turug-turug harita téh enggeus burit [12-i]
panon poé geus rék surup [8-u]
keueung sieun aya méong [8-o]

4.         Gurisa
Pupuh Gurisa dina sapadana diwangun ku dalapan padalisan. Watekna pangangguran, tamba kesel, pikalucueun. Guru lagu jeung guru wilangana nyaéta 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a.
Hayang teuing geura beurang (8-a)
geus beurang rék ka Sumedang (8-a)
nagih kanu boga hutang (8-a)
mun meunang rék meuli soang (8-a)
tapi najan henteu meunang (8-a)
mo rék buru-buru mulang (8-a)
rék terus guguru nembang (8-a)
jeung diajar nabeuh gambang (8-a)

5.         Jurudemung
Pupuh Jurudemung dina sapadana diwangun ku lima padalisan. Watekna kaprihatinan, kaduhung, atawa hanjakal. Guru lagu jeung guru wilangana nyaéta 8-a, 8-u, 6-I, 8-a, 8-u.
Mungguh nu hirup di dunya [8-a]
ku kersaning anu Agung [8-u]
geus pinasti panggih [6-i]
jeung dua rupa perkara [8-a]
senang paselang jeung bingung [8-u]


6.         Ladrang
Pupuh Ladrang dina sapadana diwangun ku opat padalisan. Watekna banyol atawa pikaseurieun. Guru lagu jeung guru wilangana nyaéta 10-I, 8-a, 8-I, 12-a.
Aya hiji rupa sato leutik [10-i]
éngkang-éngkang, éngkang-éngkang [8-a]
sok luluncatan di cai [8-i]
ari bangun arék sarupa jeung lancah [12-a]

7.         Lambang
Pupuh Lambang dina sapadana diwangun ku opat padalisan. Watekna banyol atawa pikaseurieun. Guru lagu jeung guru wilangana nyaéta 8-a, 8-a, 8-a, 8-a.
Nawu kubang sisi tegal [8-a]
nyiar bogo meunang kadal [8-a]
atuh teu payu dijual [8-a]
rék didahar da teu halal [8-a]

8.         Magatru
Pupuh Magatru dina sapadana diwangun ku lima padalisan. Watekna piwuruk, prihatin sarta kalucuan. Guru lagu jeung guru wilangana nyaéta 12-u, 8-i, 8-u, 8-I, 8-o.
Peuyeum sampeu dagangan ti Rancapurut [12-u]
dijual dua saduit [8-i]
dituruban daun waru [8-u]
diwadahan daun jati [8-i]
katuangan anu ompong [8-o]

9.         Maskumambang
Pupuh Maskumambang dina sapadana diwangun ku opat padalisan. Watekna prihatin, sasambat, atawa nalangsa. Guru lagu jeung guru wilangana: 12-i, 6-a, 8-i, 8-a.
Hé manusa mana kaniaya teuing [12-i]
teu aya rasrasan [6-a]
kaula maké disumpit [8-i]
naha naon dosa kula [8-a]

10.     Mijil
Pupuh Mijil dina sapadana diwangun ku genep padalisan. Watekna susah, sedih, cilaka, tiiseun, atawa jempling. Guru lagu jeung guru wilangana: 10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u.
Mesat ngapung putra sang Arimbi [10-i]
jeung méga geus awor [6-o]
beuki lila beuki luhur baé [10-é]
larak-lirik ningali ka bumi [10-i]
milari sang rayi [6-i]
Pangéran Bimanyu [6-u]


11.     Pangkur
Pupuh Pangkur dina sapadana diwangun ku tujuh padalisan. Watekna lumampah, napsu, sadia rek perang. Guru lagu jeung guru wilangana: 8a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-a.
Seja nyaba ngalalana (8-a)
ngitung lembur ngajajah milangan kori (12-i)
henteu puguh nu dijugjug (8-u)
balik paman sadaya (7-a)
nu ti mana tiluan semu rarusuh (12-u)
Lurah Begal ngawalonan (8-a)
Aing ngaran Jayapati (8-i)

12.     Pucung
Pupuh Pucung dina sapadana diwangun ku opat padalisan. Watekna piwuruk, wawaran, kaget, atawa eling. Guru lagu jeung guru wilangana: 12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a.
Lutung buntung luncat kana tunggul gintung [12-u]
monyét loréng leupas [6-a]
luncat kana pager déngdék [8-é]
bajing kuning jaralang belang buntutna [12-a]

13.     Wirangrong
Pupuh Wirangrong dina sapadana diwangun ku genep padalisan. Watekna kawirang, kaéraan, karugian, kaapesan. Guru lagu jeung guru wilangana nyaéta 8-I, 8-o, 8-u, 8-I, 8-a, 8-a.
Barudak mangka ngalarti [8-i]
ulah rék ka dalon-dalon [8-o]
enggon-enggon nungtut élmu [8-u]
mangka getol mangka tigin [8-i]
pibekeleun saréréa [8-a]
modal bakti ka nagara [8-a]
 

Sajak

               Sajak nya eta karangan anu ditulis dina wangun ugeran anu ngebrehkeun pangalaman batin anu ngarangna. Sajak umumna ditulis dina ungkara kecap konotatif (kiasan), nya eta harti anu nyamuni (nyumput), anu kudu disurahkeun ku nu macana. Sajak anu ditulis sakurang-kurangna kudu ngandung opat unsur poko, nya eta: pikiran (sense), rasa (feeling), gaya (tone), jeung maksud (intention). Titenan Conto sajak di handap ieu!

AMPUN


Ku Dhipa Galuh Purba

Nun Gusti Nu Maha Asih
Mundut widi abdi seja susuci
Sumujud nundung laku lampah salah
Sumerah salaksa bayah
Dina amparan sajadah
Panggugah hidayah
Ka Anjeun masrahkeun diri
Nyanggakeun sadaya-daya
Galindeng kalam Ilahi
Ti saban munara masjid
Meupeus simpé wanci janari
Ngageuing ati
Ngahudang rasa rumasa
Diri anu lamokot ku dosa
Sadrah mundut pangampura Gusti
Tina sagala lampah nu salah
Duh Gusti Robbul Izati
Mugi Gusti nampi tobatna abdi
Detik ieu seja ngubur tapak diri
Nu tos hilap ka temah wadi
Nu teu tumut ka Nu Agung
Ampun, Gusti…
Suku Gunung Manglayang, 19 Juni 2009


Dongéng



Dongéng téh nya éta carita anu parondok, bohong, loba unsur pamohalanana (rékayasa) upamana dina jalan caritana, palakuna atawa waktu kajadianana. Nurutkeun susunan basana, dongéng kaasup kana wangun lancaran (prosa). Nyebarna, baheula mah ku cara tatalépa atawa lisan. Ayeuna mah geus sagala maju, dongéng téh lian ti bisa dibandungan, didéngékeun, ogé bisa dibaca, ku sabab geus réa nu dibukukeun atawa dimuat di majalah/Koran.
Dina dongeng sok aya bagian-bagian anu pamohalan, naha jalan caritana, palakuna, atawa tempat kajadianana. Nurutkeun susunan basana, dongeng kaasup kana wangun lancaran (prosa), tapi aya oge anu diselang ku wangun ugeran (puisi) sarta ilaharna sok ditembangkeun.
Mun dipasing-pasing, dongéng téh dijieun sababaraha golongan, di antarana baé:
1.    Fabel nya eta dongéng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan, saperti; sakadang kuya, sakadang monyét, sakadang peucang, sakadang tutut, sakadang maung, sakadang séro, sakadang munding, sakadang manuk, jsb.
Contona:
Ø  “Kuya jeung Monyét”,
Ø  “Peucang Keuna Leugeut”,
Ø  “Kidang jeung Ajag”, jsb.

2.    Farabel nya eta dongéng anu nyaritakeun kahirupan jalma di masarakatna jeung sajarahna.
Contona:
Ø  “Prabu Siliwangi”,
Ø  “Kéan Santang”,
Ø  “Séh Abdul Muhyi”,
Ø   “Si Kabayan”.

3.    Sasakala nya eta dongeng anu nyaritakeun asal-usul kajadian hiji tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan.
Contona:
Ø  “Sasakala Gunung Tangkubanparahu”,
Ø  “Mula Nagara Baduy”,
Ø  “Sasakala Maung Sancang”, jsb.
Ø   
4.    Mite nya eta dongéng anu nyaritakeun mahluk ciciptaan, bangsaning jurig jeung siluman. Dongéng kieu téh sok aya anu dijieun minangka katerangan kana rupa-rupa kajadian.
Contona:
Ø  “Kuntilanak”,
Ø  “Munjung”,.
 


Carita Pantun
Carita pantun nya eta caria anu sok dipagelarkeun u juru pantun, dipirig make kacapi. Carita pantun umumna ngalalakonkeun lalampahan atawa kaayaan hiji karajaan. Karajaan anu mindeng disebut-sebut dina carita pantun nya eta karajaan galuh jeung Katajaan Pajajaran.
Carita Pantun sok ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Pantun dipidangkeun ku saurang "juru pantun" nu ogé maénkeun kacap. Pantun mangrupakeun hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan pangkolotna nu nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian taun 1518 nu nyebutkeun ngeunaan carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi nu dipidangkeun ku "prépantun", juru pantun téa. Pantun anu ogé kawilang kuna nyaéta Pantun Bogor nu dicaritakeun ku Ki Buyut Rambéng.
Kamekaran seni pantun salajengna dicirikeun ku nambahanana carita-carita pantun nu ajénna dianggap luhung, kayaning carita Lutung Kasarung, Ciung Wanara, Mundinglaya Dikusumah, Déngdéng Pati Jaya Perang, Ratu Bungsu Kamajaya, Sumur Bandung, Demung Kalagan, jsb. Di Kanékés nu masarakatna hirup dina budaya kuna, seni pantun téh dalit pisan. Anu ilaharna dipidangkeun dina ritual kaagamaan/adat di antarana carita Langgasari Kolot, Langgasari Ngora, jeung Lutung Kasarung.
Kamekaran/kaluhungan seni pantun geus nyatetkeun sababaraha urang juru pantun anu kawentar dina mangsana. Di Cianjur, misalna, aya R. Aria Cikondang (abad ka-17) sarta Aong Jaya Lahiman jeung Jayawireja (abad ka-19). Awal abad ka-20, di Bandung aya Ucé, sedengkeun dina panengah abad ka-20, nu kawentar téh Pantun Beton "Wikatmana".
Alat musik nu sok mirig pintonan pantun téh kacapi. Ti mimiti kacapi kuna sakumaha nu aya di Kanékés kiwari (kacapi leutik 7 kawat), kacapi gelung (tembang, sarua jeung nu sok dipaké dina tembang Cianjuran), nepi ka kacapi siter (Jawa). Anapon laras (tangga nada) nu dipaké mirig carita pantun, nyaéta laras pélog, tapi loba ogé nu maké laras saléndro.
Seni pantun dipidangkeun dina dua bentuk: (1) pikeun hiburan jeung (20 pikeun ritual. Dina pidangan hiburan, nu sok dicaritakeun téh gumantung ka carita nu dikawasa ku juru pantun, atawa gumantung nu nanggap. Sedengkeun pikeun ritual, misalna ruwatan, caritana sarua jeung dina pintonan wayang, kayaning Batara kala, Kama Salah, atawa Murwa Kala.
Pintonan pantun biasana dipidangkeun kira jam 02.00-05.00. Rajah dina pintonan ruwatan leuwih panjang sarta katémbong sakral batan dina pintonan hiburan nu ilaharna dipintonkeun kira jam 20.00-04.00. Najan dipidangkeun pikeun tujuan hiburan, pantun teu bisa kitu baé ditanggap. Masarakat Sunda nganggap pantun téh masih mibanda watek sakral sarta sok dipatalikeun jeung upacara ngamulyakeun karuhun. Ku kituna, pintonan pantun biasana sok dibeungkeut dina struktur pintonan baku nu caritana museur ka kahirupan raja-raja Sunda atawa carita masarakat Sunda.
Sacara umum, pola pintonan pantun bisa diudar dina susunan kieu: (1) nyadiakeun sasajén, (2) ngukus menyan, (3) "rajah pamunah", (4) carita ti bubuka nepi ka panutup, sarta (5) ditutup ku "rajah pamungkas".
Salaku kasenian nu hirup ti jaman Hindu nepi ka Islam, teu matak ahéng mun ungkara jeung ajaran ti juru pantun téh mangrupa campuran éta dua jaman. Najan aya istigpar (Islam), istilah-istilah sarupaning "Déwata", "Pohaci", "para karuhun", "buyut", jsb.
Kasenian pantun nu mibanda ciri budaya Sunda, utamana dina hal kapercayaan Sunda Kuna, ngajadikeun pantun béda hambalan jeung kasenian Sunda lianna. Pikeun urang Sunda mah, pantun téh mangrupa média pikeun ngararasakeun deui (panineungan) kana mangsa nanjungna kaadaban masarakatna. Kiwari, seni pantun geus loba nu ninggalkeun. Juru pantun nu aya kénéh téh geus kari sababaraha urang.

Daftar Carita Pantun

1.         Ciung Wanara                                        5.  Lutung Kasarung             
2.         Mundinglaya di Kusumah                     6.  Aria Munding Jamparing            
3.         Banyakcatra                                            7.  Badak Sangorah
                4.    Badak Singa                                            8.  Bima Manggala

Wawacan
Wawacan nya eta carita anu ditulisna make patokan pupuh. Pupuh anu sok dipake nulis wawacan pupuh sekar ageung, nya eta KSAD (Kinanti, Sinom, Asmarandana jeung Dangdanggula). Wawacan the pangaruh tina sastra Jawa. Asupka ka Tatar Sunda kira-kira dina abad ka 17. Wawacan the i sok diyembangkeun laharna mah sok dipake pikeun acara ritual, upamana bae upacara nujuh bulan, nyunatan, jsb.
Samemeh urang Sunda mikanyaho wangun nulis prosa, ampir kabeh wangun tulisan disusun dina wangun puisi wawacan jeung dangding, anu disusun ngagunakeun aturan pupuh.
Wawacan anu kaluar mimiti tahun 1871 nya eta Wawacan Panji Wulung anu ditulis dina huruf cacarakan jeung Laten. 





Carita Pondok
Carita pondok atawa mindeng disingget carpon nya éta hiji wangun prosa naratif fiktif. Carita Pondok nyaéta carita rékaan lir enya-enya nu ukuranana parondok. Carpon medal dina taun 1920 dimajalah parahyangan salin ti éta ogé medal antologi carpon anu judulna Dogdog pangréwong dina taun 1930.
Carita pondok condong munel sarta langsung dina tujuanana dibandingkeun karya-karya fiksi anu leuwih panjang, kawas novella (dina pengertian modern) sarta novel. Alatan singgetna, carita-carita pondok hasil ngandelkeun téknik-téknik sastra kawas inohong, plot, téma, basa sarta insight sacara leuwih lega dibandingkeun jeung fiksi anu leuwih panjang. Caritana bisa mangrupa sagala rupa jenis.
Carpon the ngabogaan unsur-unsur carita, nya eta : tema (jejer utama carita), palaku (anu ngalakonkeun), galur (luak-leokna caita), latar (tempat atawa waktu lumangsungna kajadian, jeung amanat (hal anu bakal ditepikeun ka nu macana).
Carita pondok téh aya sasaruana jeung dongéng, boh dongéng boh carita pondok pada-pada carita anu parondok. Ngan baé lamun dina dongéng sok aya babagian anu pamohalan, dina carita pondok mah umumna euweuh, tegesna mah eusi caritana téh kaharti ku akal. Palakuna, jalan caritana, tempat jeung waktu kajadianana, diréka lira nu enya kajadian. Gelarna ogé béda, dongéng mah umumna hasil sastra béh ditu, ari carita pondok hasil sastra kaayeunakeun. Cara nyebarna dongéng mah umumna ku lisan sedengkeun carita pondok mah ku tulisan.
Dina taun 1929 di urang medal majalah “Parahiangan” nu dikaluarkeun ku Bale Pustaka. Dina ieu majalah sok dimuat carita pondok. Lian ti dina majalah, carita pondok téh gelar dina buku. Buku kumpulan carita pondok anu mimiti gelar judulna “Dog-Dog Pangréwong”, dikaluarkeun ku Bale Pustaka taun 1930. Ngaran anu ngarangna ukur ditulis aksara mimitina, nya éta G. S. Jadi genep taun leuwih ti heula batan kumpulan cerita pendek atawa cerpen dina sastra Indonésia, anu judulna “Teman Duduk” karangan Muh. Kasim anu medal dina taun 1936.
Conto judul buku kumpulan carita pondok:
1.      Carita Biasa (1959) karangan RAF (Radén Ading Affandie)
2.      Papacangan (1960) karangan Rusman Sutiasumarga
3.      Hujan Munggaran (1960) karangan Ayat Rohaédi
4.      Dongéng Énténg ti Pasantrén (1961) karangan RAF
5.      Di Luhureun Jukut Reumis (1965) karangan Yus Rusyana
6.      Diwadalkeun ka Siluman (1965) karangan Ki Umbara, jrrd.

Lian buku anu dieusi kumpulan carita pondok ti saurang pangarang, aya ogé buku anu dieusi kumpulan carita-carita pondok ti sababaraha pangarang. Buku anu kitu disebutna kembang rampé atawa antologi. Buku antologi anu dieusi carita pondok Sunda judulna “Kanjut Kundang” taun 1963, beunang nyusun Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga.